:

1 Babad 24

1

Ieu rombongan jalma-jalma anu kaasup turunan Harun. Harun putrana opat: Nadab, Abihu, Elasar, jeung Itamar.

2

Nadab jeung Abihu tilar dunya miheulaan ramana jeung teu aya turunanana. Elasar jeung Itamar jaradi imam.

3

Jalma-jalma turunan Harun ku Raja Daud dijieun sababaraha rombongan nurutkeun kawajibanana masing-masing. Dina ngaturna anjeunna dibantu ku Sadok turunan Elasar, jeung ku Ahimelek turunan Itamar.

4

Turunan Elasar dibagi genep belas rombongan, turunan Itamar dibagi dalapan rombongan. Pangna dibagi kitu, lantaran lalaki anu jaradi kapala kulawarga dina turunan Elasar leuwih loba.

5

Ari ditangtukeunana ku lotre, lantaran anu jaradi pagawe Bait Allah jeung jaradi pamingpin karohanian teh ti turunan Elasar ongkoh, ti turunan Itamar ongkoh.

6

Turunan Elasar jeung turunan Itamar bagilir narik elot, tuluy ngaran maranehna didaptarkeun ku Semaya bin Netanel, urang Lewi anu jadi sekretaris, disaksian ku raja, para ponggawa raja, Imam Sadok, Ahimelek bin Abyatar, para kapala kulawarga imam jeung ku kulawarga-kulawarga urang Lewi.

7

Kulawarga-kulawarga anu dua puluh opat rombongan tea parelean nurutkeun ragragna elot kieu: 1. Yoyarib; 2. Yedaya; 3. Harim; 4. Sorim; 5. Malkia; 6. Miamin; 7. Hakos; 8. Abia; 9. Yesua; 10. Sekanya; 11. Elyasib; 12. Yakim; 13. Hupa; 14. Yesebab; 15. Bilga; 16. Imer; 17. Hesir; 18. Hapises; 19. Petahya; 20. Yeheskel; 21. Yakin; 22. Gamul; 23. Delaya; 24. Maasia.

8

(24:7)

9

(24:7)

10

(24:7)

11

(24:7)

12

(24:7)

13

(24:7)

14

(24:7)

15

(24:7)

16

(24:7)

17

(24:7)

18

(24:7)

19

Eta jelema-jelema didaptarna nurutkeun jabatanana pikeun asup ka Bait Allah nekanan kawajiban anu ditetepkeun ku Harun karuhunna, pikeun ngalakonan papakon-papakon GUSTI Allah Israil.

20

Kapala-kapala kulawarga turunan Lewi salian ti eta: Yehdeya bin Subael, turunan Amram;

21

Yisia, turunan Rebaya;

22

Yahat bin Selomit, turunan Yishar,

23

Putra-putra Hebron: Kahiji Yeria, kadua Amarya, katilu Yehasiel, kaopat Yekamam;

24

Semir bin Mika, turunan Usiel;

25

Jakaria bin Yisia, turunan Usiel saderek Mika;

26

Mahli, Musi jeung Yaasia, turunan Merari.

27

Yaasia putrana tilu: Soham, Sakur jeung Ibri.

28

Mahli putrana dua: Elasar jeung Kis. Elasar teu aya putrana. Kis putrana hiji: Yerahmel.

29

(24:28)

30

Musi putrana tilu: Mahli, Eder jeung Yeremot. Eta kabeh kulawarga-kulawarga urang Lewi.

31

Maranehna oge tiap kapala kulawarga jeung salah sahiji dulurna anu ngoraan narik elot cara baraya-barayana, para imam turunan Harun tea, disaksian ku Raja Daud, ku Sadok, ku Ahimelek, ku para kapala kulawarga imam jeung ku sakabeh urang Lewi.

Link: